Peupeujeuh Keur Nu Rek Ngaheyeuk Dayeuh

oleh -223 Dilihat
oleh

Assalamu’alaikum warahmatullahi wa barakaatuh…
Sampurasun, Sampura ning ingsun…
Rahayu Sagung Dumadi… 🙏

Bismillah anu janten wiwitan, ku nyebat asma Allah dzat anu murbeng ieu alam…
Diwuwuh ku muji syukur ka sang hyang agung, mantenna anu maha luhur tur maha linuhung…
Dijajap ku galindengna shalawat tur salam kawaluyaan ka makhluk pinilih sang rabbul izzati, kangjeng Nabi Muhammad shalallahu alaihi wasallam…
Nu salawasna aya dina panangtayungan tur pituduh mantenna, dzat anu ngawasa alam pawenangan…

Mangrupi kabagjaan nu taya hinggana pikeun simkuring, rehna salira duaan (Kang Haji Dedi Mulyadi kalih Kang Haji Erwan Setiawan) tos janten pinunjul dina mayunan pamilihan papayung agung kagubernuran, nyatana janten Gubernur kalih Wakil Gubernur Jawa Barat…

Saestuna, ti kawit warsih 2018 simkuring mah miharep salira tos kedah janten Gubernur Jawa Barat teh, mung rupina takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar, takdir ti nu maha suci kadar ti nu maha kawasa teh salira kedah ngahontal eta cita-cita dina warsih kiwari… Keun we da geuning, rejeki mah moal pahiri-hiri… Sanggem paripaos Indonesia mah: “Yang pasti adalah ketidakpastian, yang tetap adalah perubahan”. Hartosna, urang Sunda nu ngeusi ieu lemah Jawa Barat teh kakara sadar, yen dina waktu nu tangtu mangsa nu nyata bakal aya Gubernur nu bener-bener Sunda tur Nyunda, bari dirina geus nyangking kasantanaan tur kasantikaan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara nu yakin bakal bisa ngurus lembur nata kota…

Peupeujeuhna ti simkuring…
Larapkeun “Tri Tangtu Di Buana” dina enggoning mateakeun akal tarekah pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Provinsi Jawa Barat, malah mandar jadi daerah nu Tanjeur Na Juritan Jaya Di Buana, mapakan provinsi sejenna di Nusantara…

Dina ngajalankeun tugas tur kawajiban salaku pupuhu nu nyangking kagubernuran, kantun ngalarapkeun gawe rancage sangkan raharja balarea… Mugia urang salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT Pangeran nu maha kawasa, Rahayu Sagung Dumadi 🙏🙏Ahung, ahung, Rampes….Cag…

(Ketua Umum PPS Gagak Lawung Indonesia : Moch.Noor Daswan, SPd,MM,C.ITQ)

Tinggalkan Balasan

No More Posts Available.

No more pages to load.